ternyata Jon Bon Jovi orang sunda… asli…

khusus untuk urang sunda... mangga bernostalgia ama bahasa sunda buhun...kepada khalayak selain orang sunda... mmm... mohon maaf... terlalurumit untuk men-translate-nya neh... mohon di skip ajah ga usahmaksain mbaca... :) 

ulah ngaku urang sunda mun teu ngarti kana ieu carita .....sok ah .... bener henteuna.. duka atuh nya...:p

OPAT taun ka tukang. Harita kuring masih kénéh digawé di CarnivalCruising Lines, nyaéta pausahaan kapal pesiar anu jalurna téh ti Miami,Florida, tepi ka Kapuloan Bahama. Boga pancén téh jadi waiter dina dékkapal.

Hiji mangsa kapal kuring katatamuan ku grup band ti New Jersey, NewYork. Saha deui mun lain Bon Jovi. Batur sapagawéan mani hariweusweusngomongkeun Jon Bon Jovi saparakanca. Sok komo barudak awéwé mah teusirikna histeris. Kuring mah haré-haré baé. Rék Bon Jovi rék Metallica,mangsa bodo! Kuring mah teu pati resep kana musik brang-bréng-brong sigarock music téh. Resep gé kana musik slow panineungan anu biduanna MattMonroe, Engelbert Humperdink, jeung Simon 'n Garfunkel.

Hiji poé wanci haneut moyan. Para tamu réa nu ngadon moé awak dina dékkapal. Pon kitu deui Mr. Jon Bon Jovi, Mr. Richie Sambora, Mr. DavidBrian, Mr. Tico Torres, jeung Mr. Alec John Such. Kabeneran kuringngaliwat ka palebah maranéhna.

"Hi, waiter, come here, please!" Mr. Bon Jovi ngagentraan. Manéhna méntaorange juice, gancang baé ku kuring ditedunan. Waktu kuring mikeunpesenan Mr. Bon Jovi, Mr. Sambora pesen lemon tea, kuring rikatmangmawakeun. Waktu mikeun pesenan Mr. Sambora, Mr. Torres hayang dietcoke jeung kuéh pancake, teu talangké kuring nyadiakeun. Waktu mikeunpesenan Mr. Torres, Mr. John Such ménta susu jeung roti sandwich. Kuringmimiti keuheul. Waktu mikeun pesenan Mr. John Such, kuring kukulutusmaké Basa Sunda, "Ieu mah jelema, aya ku ngagawékeun. Cik atuh ari pesendahareun téh disakalikeun!"

Naha atuh ari pok téh Jon Bon Jovi ngomong, "Éta mah risiko pagawéanmanéh atuh, Céng!"

Gebeg kuring reuwas. Baruk Jon Bon Jovi bisaeun ngomong Basa Sunda?

"Har, geuning Sadérék téh tiasa nyarios Basa Sunda?" kuring nanya tambaéra. "Apan karuhun déwék téh ti Cisurupan," témbalna kalem. Leng kuringngahuleng. Asa ngimpi. Naha enya kitu Jon Bon Jovi téh bibit buitna tiCisurupan Garut? Panasaran kuring nanya deui, "Is that right, Sir?"

"Silaing cangcaya?Ayeuna déwék rék nanya, ari silaing urang mana?" "Abdiogé sami ti Garut." "Garut palebah mana?" "Singajaya." "Nyaho KampungMariuk di wewengkon Singajaya?" "Tangtos atuh da abdi téh urang dinya.""Wawuh ka Mang Sadeli tukang nyadap?" "Kenal pisan." "Bisi teu nyaho,anjeunna téh baraya déwék, geureuhana téh rayina Ajengan Syukron tiCisurupan, ari déwék ka Ajengan pernahna kapiemang." Kuring ngan batiolohok. Teu sangka, Jon Bon Jovi biduan hardrock nu kasohor saalam dunyatéh geuning masih kénéh teureuh Garut.

Ti harita kuring jadi mindeng ngawangkong jeung manéhna. Anu matakkuring jadi apal silsilah kulawargana. Bapana téh jenenganana HajiSuja'i patani tomat anu beunghar ti Cisurupan. Ari indungna téh Mrs.Mary Joe Martin, pituin urang New Jersey. Aranjeunna tepang di KotaMadinah, dina mangsa munggah haji. Haji Suja'i henteu mulih deui kaIndonésia tapi ngiring sareng ingkang geureuha ka Amérika. Di NewJersey, padamelan Haji Suja'I tetep baé ngebon tomat. Mrs. Suja'i bangetsuhud ngawulaan carogé. Tepi ka waktu kakandungan ku si cikal, Mrs.Suja'i méh baé sabrol- broleun di kebon tomat, duméh tas nganteurantimbel keur Mang Haji. Éta nu jadi matak si cikal lalaki téh ku bapanadingaranan Ujang Obon Suja'i.

Tapi ku lantaran lingkungan gaul urang bulé, babaturan ulinna téhhararésé ngucapkeun ngaranna. Nya tuluyna mah dilandi baé jadi Jon BonJovi.

Sanggeus ngangkleung salila sapuluh poé, kapal balik deui ka PalabuanMiami. Jon Bon Jovi saparakanca jrut tarurun tina kapal rék nuluykeunlalampahanana ka New Mexico. Béjana rék shooting vidéoklip "Blaze ofGlory". Barang rék jrut turun, Jon ngaharéwos, "Iday, lamun silaing rékmulang ka Garut, béjaan déwék, nya. Rék ku télépon, faksimil atawa e-mail, kumaha silaing baé. Déwék hayang milu. Haté téh geus kumejothayang moro bagong jeung Mang Sadeli ka Cikuray." Kuring ngaheueuhkeun.

TILU bulan ti harita, kuring meunang cuti taunan. Maksud téh rék nyelangbalik ka Garut. Ku lantaran kitu kuring nélépon ti Miami ka New Jerseyngabéjaan Ujang Obon. Ngan ampun rudetna. Kuring dipingpong ka ditu kadieu. Ti imahna dititah nélépon ka Fans Club. Ari pék téh ti FC kuduasup heula waiting list. Lamun henteu kudu ngomong langsung ka promotionmanager, kakara nungguan akréditasi. Jeung deui anu nampa télépon téhbudak lalaki nu ngomongna semu selébor siga biduan rap music maké basaInggris lentong Brooklyn, New York. "Hi, man... stay cool okay...easybuddy, easy..," pokna. Moal salah, pasti urang négro barayana M.C.Hammer. Bakat ku pusing, ceuleuweung baé kuring dina telepon, "Hi,stupid American... listen to me! You just tell to your boss, this phonecall is from Iday. I came from Singajaya... What?... No! Singajaya islocated in Indonesia, not Africa... Do you understand?" Naha atuhtémbalna ti béh ditu, "Har... geuning Kang Iday," ayeuna mah sora budakawéwé mani halimpu jeung maké basa Sunda.

Kuring curinghak banget ku atoh, "Dupi ieu sareng saha?""Abdi téh adi kelas akang waktos sakola di Madrasah AliyahMusaddadiyahGarut." "Saha nya?" "Atikah." "Nyimas Atikah putrana Haji Tamim tiBungbulang?" "Sumuhun." "Naha Nyimas aya di New Jersey?" "Di dieu téhabdi digawé di Bon Jovi Management, diajak ku Mang Haji Suja'i." "Oh,kitu... kieu baé Nyimas, wartoskeun ka Jon Bon Jovi, urang miang kaGarut téa. Ngarah teu réncéd, akang rék hiber langsung ka Honolulu,diantos baé di Hotél Sheraton Waikiki,Hawaii." "Mangga, Insya Alloh kuabdi badé didugikeun." Plong haté téh ngemplong. Teu sakara-kara geuningari ngomongjeung baraya salembur mah.

Opat poé ti harita, pasosoré, Boeing 747 Northwest Airlines anu mawakuring jeung Ujang Obon alias Jon Bon Jovi geus eunteup di BandaraSoekarno-Hatta. Sanggeus nyokot babawaan ti pabéan, Ujang Obon ngomong,"Iday, urang ngéndong di Bandung baé, déwék mah teu betah saré di Batawitéh." "Heueuh, lah." "Ayeuna urang rék maké naon miang ka Bandung?" "Nyatumpak beus ti Terminal Kampung Rambutan, atuh." "Ah embung déwék mah,... ari di dieu aya séwaan limousine?" "Silaing mah olo-olo pisan! Apandi New York ogé tuman naékangkot!"

Jon Bon Jovi keukeuh hayang tumpak limousine alias sédan méwah sasispanjang téa. Sok nyeri cangkéng lamun tumpak sédan biasa mah, basanatéh. "Dasar milyunér, mani élodan pisan!" kuring kukulutus. Kapaksakuring mapay néléponan réntal mobil sa-Jakarta. Untung baé aya nunyéwakeun sédan pangantén, Volvo 960 Limo-turbomatic, hiji- hijina méreksédan limousine anu asup ka Indonésia.

Tabuh salapan peuting. Sakadang Volvo anu ditumpakan ku kuring duaanjeung Ujang Obon katilu supir geus tepi ka Bandung anu saterusnalangsung check-in di Grand Hotel Preanger. Bakat ku capé jeung tunduh,rérés salat isa teu kungsi mandi heula, kuring dugsek saré mani tibra.

Kira-kira tabuh satengah dua peuting, panto kamar aya anu ngetrokan.Kuring ngoréjat, "Saha?" "Déwék, Obon." Bari lulungu, kuring mukakeunpanto, "Aya naon, Jang?" Beungeut Jon kaciri mani sepa. Ku naon yeuh?gerentes haté.

"Teuing euy, déwék téh teu bisa saré...tamba kesel tuluy nyieun lagu.Rumpakana mah geus anggeus, tinggal nyieun judulna wungkul." "Geus atuh,ayeuna mah saré baé heula...mikiran pijuduleun lagu mah isuk deui baé,"témbal kuring bari merelek heuay. "Anu matak teu bisa peureum-peureumacan. Kieu balukarna lamun béakeun barang téh. I have no stuff anymore,"ceuk Jon bari meubeutkeun manéh kana korsi. Kuring kerung. Béakkeunbarang? Dina basa American slank, kecap stuff hartina sarua jeung dopeatawa drugs alias obat bius. Boa-boa Ujang Obon sok tripping? Ongkohgeus ilahar pikeun kaom American celebrities mah ngonsumsi narkotikasabangsaning héroin, kokain, atawa crack (kokain sintétis) téh. "Barangnaon? PTP? LSD? Ecstacy? Diazepam? Amphetamine? Rék meuli anu kitu didieu mah hésé." "Lain atuh, ieu mah ududeun." "Mariyuana? Hashish?Ganja? Sarua héséna, Jang." "Silaing mah nyangka goréng baé ka déwéktéh! Ieu mah udud roko biasa, deuleu!" témbal Ujang Obon bari nyeuneu.

"Oh...gampang atuh ari nu kitu mah. Meuli baé di kafé, sugan bukakénéh." "Anu matak euweuh." "Euweuh? Piraku euweuh Marlboro, LuckyStrike, Camel, Mild Seven, Chesterfield?" "Lain éta roko kabeuki déwékmah." "Oh, roko kéréték? Dji Sam Soe, Gudang Garam Filter, atawaBentoel?" "Lain, lain éta." "Roko mérek naon atuh kabeuki silaing téh?"kuring mimiti keuheul.

Jon Bon Jovi melong ka kuring. Bari meureudeuy semu éra, manéhna ngomonglalaunan, "Roko Cap Gentong..." Leng kuring ngahuleng, awahing ku reuwasawor jeung hayang seuri. Baruk Jon Bon Jovi nyandu udud roko CapGentong? Naha teu salah kitu? Tagog baé vokalis hardrock music nomerwahid, lamun indit- inditan kudu baé maké sédan limousine, ari heugkalandep kana ngudud roko Cap Gentong?! Kungsi sotéh kuring meuli rokonu kitu mangsa kuring keur kaédanan lalajo ronggéng dombrét di basisirBlanakan, Subang.

Jon Bon Jovi sahinghingeun ceurik. Euh, aing mah! Lamun henteu digugukahayangna kuriak matak gujrud sakuliah hotél. Ngérakeun pisan! Sanajanhoréam nataku, kuring maksakeun manéh, "Hayu atuh, urang néangan."Manéhna mani haripeut. "Ka mana néanganana, nya?" "Urang mapay baé, kaPasarbaru, ka Bojongloa, ka Tegallega, ka Cicadas, lamun kapaksa-kapaksateuing mah urang meuli baé roko klembak menyan di tukang rampé," témbalkuring ngaheureuyan manéhna. Jon nyéréngéh.

Jon jeung kuring kaluar ti hotél tumpak taksi. Palebah Cicadas, taksidieureunkeun. Jrut turun, tuluy leumpang mapay émpér toko bari miharepsusuganan aya jongko anu ngajual roko kameumeutna Jon Bon Jovi.

Kabeneran leumpang téh ngaliwatan riungan tukang béca anu keur maéngapléh dina trotoar jalan. Ari heug téh kadéngé aya anu ngomong, "Najis,aing mah...balak kosong!" Ger riungan téh sareuri éak-éakan. Ngadéngékitu, Jon ngarandeg bari tuluy ngahuleng. "Ku naon, Jang?" kuring nanyarada hariwang.

Manéhna teu némbal. Rada lila manéhna ngahuleng. Naha atuh ari gorowoktéh, "Eureka! that's right! Éta pisan pijuduleun lagu téh!"

Jon katempo jigrah pisan."Iday, hayu urang balik ka hotél!""Apan urang néangan roko téa?" banget kuring teu ngarti."Teu kudu, urang meuli roko saaya-aya baé di hotél!" témbal manéhnasumanget naker.

"Har... ari silaing?!" kuring ukur werat ngageremet.Ayeuna kuring geus teu digawé dina kapal deui. Miami, Kingston, Nassau,Puerto Rico, Bahamas, Antigua ngan kari waasna. Ti saprak kuring kawinmeunangkeun parawan urang Cikajang, kuring eureun ngalalana. Pagawéankuring ayeuna mah ngabantuan bapa mitoha kana ngebon engkol jeungwortel.

Sabulan ka tukang, grup band Bon Jovi ngayakeun konsermusik "Crossroad to The East" di Jakarta. Ujang Obon ngahaja ngirimtélégram ka Cikajang. Sono hayang panggih, basana téh.

Éra-éra ogé kuring nedunan ondanganana. Harita kuring indit ka Batawitéh sakalian iang wortel ka Pasar Induk Kramatjati. Sabalikna ti pasar,kuring nyimpang ka Hotél Hilton International. Barang sup ka lobbyhotél, aya nu ngagentraan. "Kang Iday!" cék sora awéwé.

Ari dilieuk, kuring olohok mata simeuteun. Atikah imut. Aduh, ieung...urut kabogoh téh mani jadi démplon kieu, gerentes haté. Hanjakal baheulakalah ditinggalkeun...hé...hé... Diteuteup ti luhur ka handap, kataraawakna tambah ngeusi jeung tambah geulis, ngan dangdosan mah tetep baénganggo busana muslimah, leungeun katuhu ngeupeul Nokia, leungeun kéncangajinjing IBM Notebook.

"Hey, teu kénging melong sapertos kitu. Engké ku abdi iwartoskeun ka CeuEmpat di Cikajang geura," manéhna ngagonjak. uring ngélémés éra ngadéngéAtikah nyebut ngaran pamajikan.

"Kang, Ujang Obon tos ngantosan ti tatadi, hayu!" Kuring nuturkeunmanéhna naék lift. Reg lift eureun di tingkat pangluhurna, presidentsuite.

Barang amprok jeung Jon Bon Jovi, manéhna ukur maké kaos utung jeungdisasarung. Manéhna teu sirikna ngagabrug. Saterusna kuring jeungmanéhna alécok ngawangkong.

Sanggeus rinéh, "Iday, silaing inget kénéh waktu nganteur déwék néanganroko ka Cicadas téa?" "Tangtu baé atuh. Naha kumaha kitu?" "Apan omongantukang béca anu keur maén gapléh téa jadi judul lagu kokojo keur albeumdéwék anu panganyarna," témbalna semu agul bari ngasongkeun CD anuweuteuh kénéh. Barang maca judul lagu kokojo anu dicitak dina bungkusCD, cakakak kuring seuri ngeunah pisan. Atuda kuring ogé milu ngadéngé,atra pisan tukang béca téh ngomong, "Najis, aing mah!... balak kosong!"Naha atuh ari dina judul lagu bet jadi robah kieu? Teuing Jon Bon Jovianu ceuli léntaheun atawa pédah nulisna maké basa nggris lentong NewJersey. Nu sidik, dina éta CD téh ngajeblag ulisan anu unina, "Best cut:This ain't a Love Song." .

2 Responses to “ternyata Jon Bon Jovi orang sunda… asli…”

  1. Joko Says:

    Ha…ha… dodol, ngabodor pisan.

  2. d2euw Says:

    atuh kumaha yak, akang sun teh ngomong sunda wae. eikeh kagak ngerti arti na…
    xixixiiix…
    keep fight za dh
    “^_^”
    tetep ber”sunda” mania

Leave a Reply